Powered by Blogger.

Saur Koramil Pacet: Tos Teu Zaman Taun Baruan Nyeuneut Kembang Api Sareng Maksiat

Written By Yayasan Peduli Remaja Mentari on Wednesday, December 30, 2015 | 06:02

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Dulur sareng rerencangan Mentari Sadaya ... ieu edisi spesial, kusabab artikel di Blog Mentari nganggo Basa Sunda (ngotret nage hese pisan ieu teh :D).

Pami urang Cipanas atanapi anu ngalangkungan Jalan Cipanas pasti terang Istana Cipanas sareng Lapangan Ex Brimob ... tah kusabab bade mayunan taun baru, Koramil Pacet (Komando Rayon Militer TNI kanggo Kecamatan Cipanas, Pacet sareng Sukaresmi) gaduh inisiatip ngadamel spanduk kanggo panginget yen taun baru teh ulah digunakeun kanggo maksiat diantarana: nyeuneut petasan sareng kembang api, mararabok, raramean teu puguh anu matak kana maksiat (contona hilap kana Sholat Fardhu)



Tah kusabab kitu ... Koramil Pacet masihan pituah kanggo urang sadayana: daripada maksiat mending urang ngaramekeun Masjid jeung seueur ibadah.

Pastina ku kitu ... Baraya Mentari mah anu sok ngiringan Islamic Sunday sareng Mentoring mah pastina moal "Galau" mun aya nu ngajakan taun baruan, mending di bumi we ngaguher kerek :D janten Sholat Fardhu ge moal tinggaleun sareng moal miceun artos teu pararuguh.

Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
06:02 | 0 comments | Read More